me...

me...
tysa

Kamis, 28 Oktober 2010

Abah Olot Ngalestarikeun Kasenian Karinding

Endang Sugriwa atawa leuwih kawentar ku sebutan Abah Olot yakin yen waditra salaku bagian tina kabudayaan hiji suku atawa bangsa kudu dilestarikeun. Ieu demi bertahanna identitas masarakat suku atawa bangsana. Taun 2003, pas karinding diberitakeun punah, anjeuna oge reuwas sabab anjeuna miboga tanggalwaler pikeun ngariksa jeung miara eta kasenian sangkan teu punah.

Kahlianana nyieun jeung maen karinding mangrupa warisan ti karuhunna. Anjeunna tuluy ninggalkeun pakasabanana salaku tukang mebel jeung awi di Cipacing Kabupaten Bandung Parakan Muncang, Kabupaten Sumedang, Jawa Barat.

"Abah nya eta generasi salajengna anu dibere waris kaahlian eta sanggeus Abah Entang, Abah Entang teu bisa deui nyieun Karinding sabab panonna geus rabun. Dina ambin di teras imahna aya saperangkat instrumen mangrupa celempung (sajenis kacapi), toleat(siga suling), jeung kokol (mirip kulintang).-nstrumen eta dipake keur group Karinding Giri Kerenceng pingpinan abah Olot.

Kabeh waditra eta ampir punah, ngan anu jadi perhatian utamana nya eta karinding. Alesanana ngan saeutik warga anu bisa nyieun karinding.

Karinding mimitina dijieun tina kawung serah anu panjangna 10-12cm ngan sina perkembanganana, kawung serah beuki langka sabab warga numpes tangkal kawung alesanana tangkal kawung geus teu buahan, ku sabab eta kawung serah dipiceun da teu kaburu kolot jeung garing.

Ku kituna awi jadi bahan utama keur nyieun karinding. Saratna, umur awi minimal kudu dua taun. Awi diteukteuk, dilemeskeun, terus dibagi jadi tilu ruas.

Ruas kahiji jadi tempat nepak karinding anu nimbulkeun geter dina ruas anu tengah. Di ruas tengah aya bagian awi anu diteukteuk nepika ngageter pas karinding diketuk ku ramo sangkan bisa ngahasilkeun sora karinding disimpen dina baham diapit ku biwir luhur jeung handap.

Sakilas sora karinding sarupa lengkingan sora sato di sawah. Sora eta asalna tina resonansi dina baham pas karinding digeterkeun. Keur ngatur luhur-handapna nada, nu maen kudu lincah ngatur napas jeung ketukan ramo. Alat sarupa kieu oge aya di Bali, anu disebut Genggong, ngan cara ngagunakeunana beda nya eta dutarik ku benang.

Karinding mimiti langka dipake ku masarakat taun 1970-an. Lobana alat musik modern mangaruhan selera musik masarakat nepi ka kampung. Karinding, anu baheulana mindeng dipake dina acara hajatan atawa nyunatan geus mimiti leungit.

Taun 1940-1960-an karinding akrab dina kahirupan masarakat Sunda. Karinding dimaenkeun keur ngahibur patani sanggeus manen pare atawa pas moe pare hasil manen. Peutingna karinding dimaenkeun salaku wujud sukacita hasil panen.

Karinding oge dimaenkeun patani pas ngajaga sawah, hama sawah nyingkir lamun aya sora karinding.

Asup ka taun 1990-an, karinding siga diteureuy ku bumi. Minimna publikasi ngeunaan karinding jadi salah sahiji faktor redupna waditra tradisional. Karinding ngan aya dina kulawarga-kulawarga anu tangtu, kaasup kulawaarga abah Olot.

Ti yuswa 7 taun, Abah Olot diajar maen jeung nyieun karinding ti bapana jeung emangna. Kaahliana eta diturunkeun pas anjeuna geus dewasa.

"Ulah kasilih ku junti" anu hartina tong poho kana adat-istiadat.

Mimiti Bangkit...

Ngabangkitkeun karinding teu gampang, Sora karinding dianggap teu luyu jeung kamekaran musik. Mimiti nyieun karinding Abah Olot mere karinding ka saha wae anu daek narima kalayan gratis. Ajakan ka nonoman-nonoman di kampungna keur maen karinding ditolak. Kokolot jeung barudak ngora nganggap yen euweuh gunana maen karinding. Tapi Abah Olot terus mromosikeun karinding ka daerah-daerah sejen. Taun 2008N dina perayaan ulang taun kota BandungN anjeuna pendak sareng komunitas kreatif kaum muda Bandung anu ngumpul dina Commonrooms. Maranehna menta disuply karinding keur dimaenkeun di hareupeun publik. Di taun eta keneh dibentuk kelompok musik karinding Attack anu anggotana dalapan urang. Personel karinding Attack lain seniman tradisional Sunda. Aranjeuna asalna tina komunitas musik ujnderground jeung death metal anu sering dianggap budak baong. Abah Olot justru ngajarkeun personelna maen karinding.

Ahirna dina rupa-rupa pegelaran musik cadas jeung punk siga dina Death Metal Festival dina bulan Oktober 2009 karinding milu tampil. Mimiti tina komunitas Death Metal, karinding mimiti populer di kalangan kaula muda.

Loba diantara maranehna resep kana karinding, ku kituna unggal poe Rebo, jeung Jumaah di tempat abah Olot dibuka latihan keur maranehna anu hayang diajar karinding.

Kiwari, hiji karinding dihargaan Rp. 50.000,- ti dinya pesenan karinding ngalir, bahkan tina sawaktu abah Olot kudu nyumponan pesenan 100 karinding.

Waditra tradisional anu sempet dihawatirkeun punah balik deui rame, ampir kabeh daerah di Jawa Barat boga kelompok musik karinding. Nu maenna lain saukur kolot tapi oge barudak ngora ngagunakeun kreasi lagu modern.

Ngaran-ngaran kelompokna oge salaleger siga Markipat (mari kita merapat), Karmila (karinding militan), Republik Batu Jajar ti Kabupaten Bandung Barat, jeung karinding skateboard anu dimaenkeun ku komunitas skateboard.

Karinding oge dipintonkeun dina Bandung World Jazz Festival, Desember 2009. Sanajan kiwari teu dimaenkeun di sawah, karinding justru muncul dina festival jazz dunia diiring musik elektrik jeung instrumen modern, siga gitar, tarompet, jeung dram. Ku kituna lagu-lagu Sunda ngahaleuang dina harmoni jazz jeung karinding.

Di balik semarak balikna karinding, aya Abah Olot anu satia di bengkelna. Anjeunna tekun ngalemeskeun awi jeung ngajaga identitas masarakat Sunda.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar