me...

me...
tysa

Minggu, 24 Oktober 2010

FILSAFAT, BUDAYA, KASENIAN, KAPERCAYAAN MASARAKAT, KARINDING SUNDA, JEUNG BAHAN PANGAJARAN

2.1 Filsafat

2.1.1 Wangenan Filsafat
Filsafat asal kecap tina basa Yunani Philosophia, anu mangrupa kecap kantetan tina philo jeung shopia.Philo hartina cinta (usaha pikeun meunangkeun hiji hal anu dipikahayang), shopia hartina kabijakan (miboga pangaweruh anu lega) Jadi philosophia bias dihartikeun cinta pada kebijaksanaan atawa cinta kepada kebenaran.
Poedjawijatna (1947:11) ngadefinisikeun filsafat salaku pangaweruh anu medar sacara teleb sagala hal dumasar kana bebeneran pikiran.
Aristoteles (384-322 SM) netelakeun yen nu dimaksud filsafat nya eta:

Pengetahuan yang meliputi kebenaran yang tergabung di dalamnya metafisika, logika, retorika, ekonomi, politik, estetika.
Imanuel Kant, ngadefinisikeun filsafat salaku pangaweruh anu jadi poko pangkal sagala pangaweruh anu dijerona ngabogaan opat pasualan:
1)Apa yang dapat diketahui? (Jawabannya: Metafisika);
2)Apa yang seharusnya diketahui? (Jawabannya: Etika);
3)Sampai di mana harapan kita? (Jawabannya: Agama);
4)Apa itu manusia? (Jawabannya: Antropologi). (Bakry, 1971:11).
Nurutkeun Runes (1971:235), filsafat nya eta katerangan rasional ngeunaan hiji hal anu mangrupa prinsip umum tina kabeh kanyataan anu bias dijelaskeun, tur bias dibedakeun antara pangaweruh rasional jeung empiris (sains).
Kecap filsafat digunakeun pikeun nunjuk objek anu beda, nya eta:
1)salaku ngaran widang elmu pangaweruh;
2)digunakeun pikeun mere ngaran hasil karya;
3)digunakeun pikeun nunjuk hiji kayakinan;
4)digunakeun pikeun mere ngaran hiji usaha; jeung
5)ti mimiti aya istilah filsafat digunakeun pikeun mere ngaran jalma anu cinta kana kabijaksanaan.
Tina sababaraha pedaran di luhur bias dicindekkeun yen filsafat nya eta cara mikir nu radikal atawa jero ngeunaan sagala rupa hal pikeun nalungtik nu sabenerna.

Plato netelakeun yen filsafat mangrupa elmu pangaweruh pikeun ngahasilkeun bebeneran nu asli. Elmu mangrupa bagian tina pangaweruh, sedengkeun pangaweruh mangrupa unsure tina kabudayaan. Kabuadyaan didefinisikeun salaku system ajen, tata hirup, jeung sarana pikeun manusa dina kahirupanana (Nasution, 1996:272).
Vernon jeung Linzey (1951) dina Nasution (1996:263) ngaidentifikasi genep ajen dasar dina kabudayaan, nya eta:
1)Ajen teori
2)Ajen ekonomi
3)Ajen estetika
4)Ajen sosial
5)Ajen politik
6)Ajen agama

2.1.2 Cabang-Cabang Filsafat
Tujuan filsafat nya eta nimukeun bebeneran nu sabener-benerna. Bebeneran eta the disusun sacara sistematis anu ngajadikeun sistematika filsafat. Sistematika filsafat kabagi jadi tilu cabang jembar, nya eta:
Teori pengetahuan
Teori hakikat, dan
Teori nilai.

Teori pengetahuan dina dasarna ngajentrekeun cara meunangkeun elmu pangaweruh, ari teori hakikat ngabahas sakabeh objek, anu hasilna nya eta elmu pangaweruh filsafat; jeung teori nilai (aksiologi) nu ngajembarkeun gunana elmu pagaweruh tadi.
Singgetna ‘teori pengeteahuan membicarakan cara memperoleh pengetahuan yang disebut epistemology, teori hakikat yang membicarakan pengetahuan itu sendiri, disebut ontology, teori nilai yang membicarakan guna pengetahuan itu disebut axiology.

Filsafat dikelompokkeun jadi opat widang poko nya eta:
1)Filsafat ngeunaan elmu pangaweruh, nu ngawengku:
Epistemologi;
Logika; jeung
Kritik elmu-elmu.

2)Filsafat anu ngawengku sakabeh kanyataan, diantarana:
Metafisika umum (ontology)
Metafisika husus, anu ngawengku:
a)Teologi metafisik
b)Antropologi; jeung
c)Kosmologi

3)Filsafat anu ngeunaan paripolah, anu ngawengku:
Etika; jeung
Estetika.

4)Sajarah filsafat, anu ngawengku:
Metafisika;
Epistemologi;
Logika;
Etika;
Estetika; jeung
Sajarah Filsafat.
Sedengkeun papasingan filsafat dumasar kana struktur pangaweruh filsafat kabehdieunakeun dipasing-pasing jadi tilu widang, nya eta:
Filsafat sistematis
Filsafat husus; jeung
Filsafat kaelmuan (Filsafat Umum: 11)
2.1.3 Filsafat Islam jeung Filsafat Sunda

Tina sababaraha cara masing-masingkeun filsafat anu geus ditataan di luhur, salahsahijina dipasingkeun dumasar kana kapercayaan (agama) jeung aya oge anu dumasar kana sajarah filsafat. Filsafat anu gelar di wewengkon Yunani, dingaranan filsafat Yunani, satuluyna dingaranan filsafat India, lantaran gelarna di wewengkon India.

Dina panalungtikan ieu, filsafat anu rek dipake pikeun nyurahan ajen falsafah nu nyampak dina kasenian karinding pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya, nya eta filsafat agama (Islam) jeung filsafat etnis (Sunda).

Kabudayaan Islam geus hirup aya kana lima welas abadna. Dina kurun waktu lima abad nya eta hiji kagiatan anu motekar nya eta kagiatan berfilsafat, nya eta antara abad ka-7 nepi ka abad ka-12. Dina kurun waktu eta para ahli piker Islam nguji ngeunaan hakekat manusa jeung papadana, alam, katut Pangeranana, ngagunakeun alam pikiranana.

Para filsuf Islam jeung para ulama ngagunakeun alat filsafat pikeun ngabela jeung mageran taohidna. Maranehna mere kacindekan yen filsafat teu patukang tonggong jeung dasar kataohidanana dina Islam. Dina ha lieu, panalungtik oge nyurahan ajen falsafat dina kasenian karinding, bakal diluyukeun jeung ajaran agama Islam ngarah teu patukang tonggong jeung taohid katut sareat Islam.

Filsafat SUnda nya eta filsafat anu hirup dina kabudayaan Sunda. Loba aspek anu jadi cukang pamikiran Sunda, Kayaning aspek geografis, ekonomi, sikep, jeung anu liana. Sunda mangrupa dataran anu dilingkung ku gunung. Pakasaban rayatna rupa-rupa, salahsahijina tani, tina eta pakasaban bakal mangaruha sikep hirupna, boh kana alamna boh kana pribadina. Biasana tani boga sipat berehan jeung leuwih mentingkeun batur. Sipat-sipat eta anu nanceb dina sikep hirupna urang SUnda, anu bakal mangaruhan kana pamikiran filsafatna.

Filsafat SUnda mangrupa warisan karuhun, anu ngajarkeun hakekat manusa anu aya hubunganana jeung sasamana, alam katut Pangeranana. Basa nu digunakeun dina pamikiran filsafatna nya eta tandes tur biasana mangrupa kiasan anu miboga makna, katingali dina babasan jeung paribasaba, kayaning:
“Jodo, pati, bagja, cilaka urusan pangeran”, ngagambarkeun kapercayaan masarakat Sunda ka Pangeranana, yen manusa mah ukur boga karep, nu ngersakeun mah Pangeran.

Nurutkeun Warnaen (1987:20) bias dicindekkeun ngeunaan falsafah hirup urang Sunda kabagi kana lima bagian:
a)Mausa salaku pribadi;
b)Manusa jeung masarakat;
c)Manusa jeung alamna (alam nyata jeung alam goib);
d)Manusa jeung Pangeranana (nurutkeun adat jeung istiadatna); jeung
e)Manusa dina ngahontal kabagjaan lahir jeung batin.

2.2 Budaya jeung Kapercayaan Masarakat
2.2.1 Budaya
2.2.1.1 Wangenan Budaya

Kabudayaan miboga harti nya éta: “Sebagai keseluruhan gagasan dan karya manusia, yang harus dibisaakannya dengan belajar beserta keseluruhan dari hasil budi dan karyanya.” (Koentjaraningrat, 1974: 19).
Kabudayaan asal kecapna tina basa Sansekerta nya eta budhayah, bentuk jamak tina budi atawa akal, maksudna hal-hal anu patali jeung akal. Sedengkeun kecap budaya mangrupa kecap kantetan tina budi daya anu ngawengku harti tina hasil cipta, karsa jeung rasa.
Tylor (1987:10) nyebutkeun yen budaya nya eta hiji beungkeutan kompleks tina pangaweruh, lapercayaan, seni, moral hokum, adat-istiadatna, sarta kamampuh jeung kabiasaan ianna anu dipilampah manusa salaku anggota masarakat.
Havinghust jeung Neugraten (buku_tua_pakguru_dasar_kpdd_14.html@yahoo.com) netelakeun yen kabudayaan bias didefinisikeun salaku etika, basa, kabiasaan, kapercayaan, agama, jeung moral. Pangaweruh, sikep, ajen-inajen anu mangrupa hasil karya manusa saperti rupa-rupa bahan, kaasup di jerona alat-alat tehnologi kaasup kana kabudayaan. Tina sawangan ieu bias dipaluruh yen kabudayaan bias ngawujud paripolah jeung hal-hal anu mangrupa rohaniah, bisa oge mangrupa barang-barang material.
Driyarkara S.Y. (1980:83) netelakeun yen kabudayaan dina harti jembar ngabogaan opat segi atawa opat aspek, nya eta:
1)Aspek ekonomi, dina aspek ieu manusa ngarobah barang-barang anu teu guna jadi barang anu ngabogaan nilai jual;
2)Aspek tehnik, dina aspek ieu manusa ngagunakeun leungeunna jeung kamungkinan-kamungkinan sarta sifat-sifat anu aya dina hiji barang. Hukum-hukum anu aya dina barang anu tangtu, tina bahan alam disusun jadi hiji hal anu anyar nu ngabogaan nilai tambah;
3)Kabudayaan dina harti has jeung heureut, nya eta ngarobah barang-barang nu bias diekspresikeun ku manusa dina ngamekarkeun kamampuh uteukna. Conto: ngolah taneuh lempung jadi patung anu nimbulkeun rasa anyar dina jiwa manusa (hasil ekspresi diri jeung budi ngaliwatan patung tea);
4)Aspek penghalusan atau silivasi, aspek ieu mangrupa terusan tina aspek-aspek di luhur. Dina ieu aspek manusa ngaekspresikeun dirina, usaha pikeun neangan hal-hal anu leuwih alus tur mangpaat, nepi ka hirupna bias lancar.
Sakabéh nu mangrupa wujud boh sacara struktrur boh prosés tina paripolah manusa dina dimensi idéasional, étis jeung éstétis, disebut kabudayaan. Sakumaha anu kaunggel di luhur yén kabudayaan téh nya éta rupaning hal anu aya patalina jeung kahirupan.

2.2.1.2 Wujud Budaya

Nurutkeun Koentjaraningrat (1990:13) kabudayaan ngabogaan tilu dimensi wujud, nya eta:
1) Kompleks gagasan, konsep, jeung pikiran manusa. Eta wujud teh disebut system budaya, sifatna abstrak, teu bisa ditingali tur museur dina diri manusa anu ngagemna. Disebutkeun yen system budaya mangrupa gagasan jeung pikiran anu mangrupa bagian-bagian anu silih pakait nepi ka jadi system gagasan jeung pikiran anu relatip mantap sarta tuluy tumuluy.
2)Kompleks aktivitas mangrupa aktivitas manusa anu saling interaksi, sifatna konkret, bisa diobservasi, anu sering disebut system soial anu teu bisa leupas tina system budaya. Pola-pola aktivitasna ditata ku gagasan-gagasan jeung pikiran-pikiran anu aya dina jero sirah manusa. Ayana saling interaksi antara manusa nyababkeun pola aktivitas anu nimbulkeun gagasan, konsep, jeung pikiran anyar sarta teu mustahil bisa ditarima ku system budaya jeung masarakat budayana.
3)Wujud salaku alat, maksudna aktivitas manusa anu saling interaksi teu leupas tina ngagunakeun alat salaku hasil karya manusa pikeun ngaronjatkeun tujuanana. Aktivitas karya eta teh bisa ngahasilkeun bahan pikeun kaperluan hirupna.
2.2.1.3 Unsur Budaya

Nurutkeun Koentjaraningrat aya tujuh unsur anu miboga sipat universal nya éta 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pengetahuan, 4) basa, lisan jeung tulisan, 5) kesenian, 6) sistem pakasaban, jeung, 7) sistem téhnologi jeung pakakas (Koentjaraningrat,1974,12).
Unsur-unsur budya eta teh silih pakait. Tiap unsure kabudayaan anu universal bisa ngabogaan tilu wujud kabudayaan, nya eta system budaya, system social, jeung kabudayaan fisik.
Sistem budaya mangrupa wujud anu abstrak dinakabudayaan. Sistem budaya atawa cultural system mangrupa ide-ide jeung gagasan manusa anu hirup babarengan dina hiji masarakat. Fungsi system budaya nya eta ngatur tindakan-tindakan sarta paripolah manusa. Konsep system sosial nya eta alat bantu pikeun ngajelaskeun kelompok-kelompok manusa anu mangrupa hiji system.

1) Sistem réligi jeung upacara kaagamaan
Kabudayaan anu hirup di tanah Sunda loba kapangaruhan ku system kapercayaan. Animisme jeung dinamisme mangrupa dua kapercayaan anu hirup nepi ka jaman kiwari. Kapercayaan kana mahluk halus atawa pakakas pusaka raket dina kahirupan kabudayaan.

Sistem kapercayaan ngabogaan wujud salaku system kayakinan jeung gagasan ngeunaan:
a)Allah
b)Dewa-Dewa
c)Roh-Roh halus
d)Surga jeung Naraka; jsb.
Upacara kabudayaan raket patalina jeung kapercayaan magis, misalna dina barang anu digunakeun pikeun ngalaksanakeun eta upacara.

2) Sistem Organisasi Sosial/Kamasarakatan
Lingkungan masarakat miboga system social anu beda, nu nyababkeun hii jalma beda jeung jalma liana. Sacara umum pangajen pikeun hiji jalma ditangtukeun ku status sosialna. Contona pangajen buruh pabrik jeung guru bakal beda, kitu deui dokter jeung pejabat, bakal narima perlakuan sosial anu beda.
Lingkungan seni miboga hal anu sarua. Lingkungan masarakat seni ngabalukarkeun identitas anu luyu jeung pagawean anu dicekelna.

3) Sistem pangaweruh
Dina KUBS (1995:119) diebrehkeun yen elmu teh nya eta pangaweruh, kanyaho, atawa pangabisa tina rupa-rupa hal, boh ngeunaan alam lahir boh alam batin. Pangaweruh nangtukeun sukses henteuna manusa dina nyanghareupan hirup. Tingkat kapinteran, kakreatipan, jeung kaaktipan manusa bakal kadeteksi tina pangaweruh anu dipimilikna.
Sistem pangaweruh dina Karinding Sunda nya eta:
a)symbol dina waditra karinding Sunda
b)rumpaka dina Kasenian Karinding Sunda
c)amanat tina rumpaka kasenian karinding Sunda
d)ajen falsafah anu aya dina karinding sunda, jsb.
4) Basa lisan jeung tulisan

Basa nya eta system lambing sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh entep seureuhna (sistematis) tur ragem (konvensional) antara anggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi (Sudaryat, 2005:10)

Basa nu digunakeun dina ieu panalungtikan maksudna sagala perkara anu aya hubunganana jeung kasenian karinding, boh dina sajarahna boh dina perkembanganana.

5) Kesenian
Peranan kasenian gede mangpaatna pikeun kamajuan kabudayaan tur atikan. Tina kasenian manusa bisa nyiptakeun kreatipitas tina rasa, watek, jeung kahayang pribadi hatena anu bisa ningkatkeun kualitas atikan mun dipatalikeun jeung atikan. Ku kituna kasenian mangrupa manivestasi tur implementasi tina buah pikiran, rasa, watek jeung kahayang. Dina kasenian manusa bisa nyiptakeun sagala rupa hal pikeun nyumponan kabutuhan hirupna.

6) Sistem pakasaban
Pikeun kahirupan ayeuna, pakasaban mangrupa factor utama pikeun nyumponan sagala pangabutuh hirup. Tina eta pakasaban manusa bakal meunang kauntungan pikeun nyumponan pangabutuhna. Dina lingkungan seni kreatifitas mangrupa hal anu penting sangkan bisa dipikawanoh ku jalma rea. Contona pemaen kasenian karinding, upama haying kawentar, nya eta kudu kreatip neangan cara sangkan anu nongton kasilep ku endahna sora karinding anu dihasilkeun jeung tumerap sagala piwuruk anu ditepikeun dina rumpaka anu dibawakeun teh bisa kaharti. Ku cara kitu, eta pemaen karinding teh bisa miboga pakasaban anu bisa nyumponan kabutuhan hirupna.

7) Sistem téhnologi jeung pakakas
Tehnologi mangrupa hiji hal anu penting pisan pikeun kahirupan manusa. Mun euweuh tehnologi manusa bakal sarwa kakurangan, contona listrik. Listrik mangrupa pangabutuh utama anu kacida pentingna. Lamun listrik pareun tangtu pagawean-pagawean bakal katunda tur ngahambat aktivitas manusa. Tehnologi ngabogaan genep unsure, nya eta:
a)alat-alat produktip;
b)wadah atawa tempat;
c)kadaharan atawa inuman;
d)pakean;
e)tempat cicing; jeung
f)alat transportasi (Harsojo, 1984: 201)

2.3.2 Bahan Pangajaran
Bahan pangajaran bias dihartikeunsalaku perangkat bahan anu di jerona ngabogaan materi jeung eusi pangajaran pikeun ngahontal tujuan pangajaran anu dipidangkeun ngaliwatan metode-metode husus.

Mun dijembarkeun mah bahan pangajaran mangrupa eusi anu ditepikeun ku guru ka murid dina lumangsungna proses diajar. Atawa salahsahiji komponen tina system pangajaran anu salawasna gawe babarengan tur silih lengkepan jeung komponen anu liana saperti tujuan, guru jeung nurid, sarana, sarta evaluasi pangajaran.

Sangkan leuwih motekar, guru kudu rajin milih bahan pangajaran anu atraktif tr kreatif. Bahan pangajaran mangrupa hiji proses dina ngamajukeun kualitas atikan. Lengkep henteuna bahan pangajaran dina proses diajar bakal milu nangtukeun kahontal henteuna tujuan atikan sacara jembar.

Ayana istilah kasenian, jeung adat-tradisi dina kurikulum, tujuanana pikeun ngarojong salahsahiji bahan pangajaran basa Sunda luyu jeung Standar Kompetensi Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda DInas Atikan Provinsi jawa Barat 2008.

Dina kanyataanana, pangajaran kasenian teh ngawengku adat-istiadatna, Ku kituna dina tradisi adat istiadat, anak tema kasenian karinding sunda pikeun pangajaran maca artikel budaya diajarkeun ka murid SMA kelas XII di semester hiji.

2.3.2.2 Standar Kompetensi Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda
Standar kompetensi eusi mata pelajaran basa jeung sastra Sunda ngawengku kamampuh opat aspek ieu di handap:
1)Menyimak (ngaregepkeun)
Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi berbagai bentuk dan jenis wacana lisan
2)Berbicara (nyarita)
Mampu berbicara secara efektif dan efisien untuk mengungkapkan pesan (pikiran, perasaan dan keinginan) dalam berbagai bentuk dan jenis wacana lisan di berbagai kesempatan berbicara.
3)Membaca ( maca)
Mampu membaca, mamahami, dan menanggapi berbagai jenis wacana tulis.
4)Menulis (nulis)
Mampu menulis secara efektif dan efisien untik mengungkapkan pesan (pikiran, perasaan dan keinginan) dan kreativitas sastra dalam berbagai bentuk dan jenis karangan (wacana tulis)
Salian ti standar kompetensi eusi aya oge standar kompetensi lulusan anu mangrupa standar kompetensi anu kudu dihontal ku unggal lulusan dina jenjang atikan anu tangtu, nya eta TK/RA, SD/MI, SMP/MTs, jeung SMA/SMK/MA. Ku sabab ieu skripsi ngabahas pangajaran di SMA jadi standar kompetensi lulusanana oge dumasar kana tingkat SMA/SMK/MA wungkul.

2.3.2.3 Pendidikan Kabudayaan
Atikan dina harti nu jembar nyekel peranan anu strategis dina unggal masarakat jeung kabudayaan. Unggal masarakat ngabogaan aturan anu dibeundeul ku system ajen nu hirup dina kabudayaan anu dipimilik ku eta masarakat. Kabudayaan the jiwana masarakat., ku kituna bias ngahirupan masarakat ku ajen-ajen anu dipimilikna.

Atikan, masarakat jeung kabudayaan mangrupa hiji tripartite tunggal. Kabudayaan mangrupa dasar, sedengkeun masarakat nyadiakeun sarana jeung proses atikan. Eta tilu unsure the mangrupa kagiatan pikeun ngamumule jeung ngamekarkeun ajen-ajen anu meungkeut kahirupan sararea di masarakat. Ku kituna atikan teu bias leupas tina kabudayaan jeung masarakat salaku nu boga eta kabudayaan. Kabudayaan ngabogaan tilu unsure penting, nya eta: 1) salaku tata kahirupan (order) 2) kabudayaan salaku hiji proses; jeung 3) kabudayaan ngabogaan hiji visi husus (goals). Jadi atikan sabenerna salaku proses pembudayaan. Hal eta nu nyababkeun kabudayaan jeung atikan silih pakait.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar