me...

me...
tysa

Senin, 25 Oktober 2010

Kasenian Karinding

Dina segi waditra jeung sora anu dihasilkeun sigana kamungkinan karinding diangkat dina hiji pagelaran tunggal (karinding wungkul) salaku "kasenian karinding" peluangna leutik pisan, tapi hal ieu teh lain teu mungkin. 'Keur babandingan contona Egg Shake atawa Castagnet sanajan loba dikenal tapi urang langka ngadenge pagelaran seni Castagnet atawa pagelaran seni Egg Shake, tapi leuwih mangrupa palengkep suasana atawa ornamen dina hiji karya.Singgetna mah ngangkat karinding salaku hiji kasenian relatif leuwih hese sabab karinding sorangan dina pagelaran anu sering dipintonkeun teu miboga peran anu cukup vokal dina hiji pagelaran. Beda halna jeung kacapi jeung sababaraha waditra sejenna. Hiji conto anu bisa dicokot dina sababaraha karya musik samba Sunda atawa Jaipongan kadenge aya sora instrumen karinding ieu, tapi ngan salaku palengkep panambah rasa jeung suasana, lain salaku waditra anu ngahasilkeun sora utama.

Tapi mudah-mudahan kahareupna urang Sunda bisa leuwih ngolah karinding sahingga dina hiji pagelaran karinding teu sawates waditra palengkep wungkul sarta ahirna bisa dipresentasikeun di hareupeun pamarentah satempat salaku bahan asupan keur bisa mertimbangkeun ayana karinding salaku hiji kasenian.

Pamarentah satempat oge saacan ngangkat kasenian karinding salaku hiji kasenian tangtu kudu lengkep jeung pertanggungjawabanana sarta analisis dina segi tehnis jeung artistikna, saheunteuna ngangkat jeung nempatkeun karinding salaku hiji waditra tradisional asli daerah oge geus cukup, diantarana ku cara sosialisasi jeung pengenalan waditra karinding.

Manglebarkeun pisan yen pamarentah kurang merhatikeun warisan tradisi karuhun anu jadi aset budaya bangsa. Karinding salah sahiji kasenian tradisi buhun anu ampir punah geus sawajarna diriksa jeung dipiara sangkan teu leungit di legleg ku jaman. Salian ti eta pajabat-pajabat dinas budaya oge dipiharep ngilu peran aktif dina ngalestarikeun kasenian karinding diantarana ku ngayakeun panalungtikan husus, lain ngan saukur narima gajih buta.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar