me...

me...
tysa

Minggu, 24 Oktober 2010

PROPOSAL SKRIPSI

A.Judul Panalungtikan:
Ajén Falsafah Sunda dina Kasenian Karinding pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII

B.Kasang Tukang Masalah
Urang Sunda minangka salah sahiji séler bangsa di Indonesia anu ngahasilkeun rupa-rupa jenis kabudayaan. Kabudayaan Sunda nya éta kabudayaan anu dipimilik ku masarakat Sunda, kabudayaan eta mangrupa hasil tina proses adaptasi anu tuluy-tumuluy dina waktu anu kacida lilana.
Kabudayaan miboga harti nya éta: “Sebagai keseluruhan gagasan dan karya manusia, yang harus dibisaakannya dengan belajar beserta keseluruhan dari hasil budi dan karyanya.” (Koentjaraningrat, 1974: 19).
Sakabéh nu mangrupa wujud boh sacara struktrur boh prosés tina paripolah manusa dina diménsi idéasional, étis jeung éstétis, disebut kabudayaan. Sakumaha anu kaunggel di luhur yén kabudayaan téh nya éta rupaning hal anu aya patalina jeung kahirupan.
Nurutkeun Koentjaraningrat aya tujuh unsur anu miboga sipat universal nya éta 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pengetahuan, 4) basa, lisan jeung tulisan, 5) kesenian, 6) sistem pakasaban, jeung, 7) sistem téhnologi jeung pakakas (Koentjaraningrat,1974,12).
Kamekaran budaya Sunda dina kahirupan henteu leupas tina rupaning faktor anu mangaruhanana, salah sahijina nya éta minat jeung kahayang masarakat kana kasenian.
Kasenian mangrupa salah sahiji wujud tina mékanisme kabudayaan anu aya dina kahirupan manusa dina ngatur tata paripolah, tata hubungan, sarta sarana pikeun ngumpulkeun kabéh pamikiran atawa gagasan sangkan nyiptakeun kaaripan ngaliwatan ajén-ajén anu dijadikeun dasar tina sikep jeung paripolah masarakat nu ngarojong kana hiji kabudayaan. Éta hal luyu jeung aturan anu nyampak dina UUD 1945 pasal 32 nya éta:
“Pemerintah memanjukan kebudayaan nasional”
Didinya dijelaskeun yén pamaréntah wajib ngamajukeun kabudayaan nasional, dina penjelasanana dituliskeun yén kabudayaan bangsa nya éta kabudayaan anu timbul salaku buah usaha masarakat Indonesia, artina kaasup ogé kabudayaan-kabudayaan daerah anu mangrupa maniféstasina.
Rupa-rupa kasenian di Jawa Barat anu mibanda potensi kudu meunang perhatian boh ku pamaréntah boh ku lembaga-lembaga séjénna. Ku sabab kasenian anu aya di nusantara téh mangrupa hasil tina kréatifitas bangsa Indonesia nu kudu dijaga tur diriksa sangkan ulah karebut atawa leungit, contona kasenian angklung anu teu dijaga sacara hukum anu geus diaku ku Malaysia yén kasenian eta téh hasil tina kréatifitas bangsa manéhna.
Di Indonesia, hususna di masarakat Sunda loba pisan kasenian anu bisa dipaké pikeun gelar dina rupa-rupa wanda. Ieu hal téh nuduhkeun kajembaran hasanah budaya nusantara. Salah sahiji kasenian anu aya di masarakat Sunda nya éta kasenian Karinding. Kasenian ieu téh bisa kasebut langka, atawa geus jarang dipaké, nu makena ogé bisaana ngan jalma-jalma anu tangtu. Ku lantaran kitu, sawidina urang Sunda ngayakeun panalungtikan ngaguar eusi jeung ajén budaya nu nyampak dina éta kasenian. Ieu hal mangrupa tarékah pikeun ngamumulé budaya Sunda karuhun anu geus diwariskeun ulah nepi ka teu dipikanyaho ku generasi Sunda kiwari.
Kasenian Karinding geus ngalaman parobahan-parobahan luyu jeung perwujudan mekanisme kabudayaan. Dina hal ieu katingali yén ieu kasenian sigana teu ngabogaan lawang pikeun kahareupna atawa geus dekeut kana kapunahan.
Kasenian anu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta kasenian Karinding. Ieu kasenian miboga fungsi pikeun sarana sosialisasi ajén-ajén budaya masarakat anu ngarojongna. Dina nyanghareupan kamekaran jaman anu sakitu terehna karasa pisan ayana parobahan fungsi dasar dina ieu kasenian. Hal ieu teu leupas tina pangaruh mekarna sosial budaya. Contona dina mangsa baheula mah kasenian ieu téh miboga fungsi pikeun ngusir hama atawa pikeun totonden keur lalaki anu rék ngapelan kabogohna, ayeuna mah aya kamungkinan dijadikeun pikeun ngala duit dina wangun kelompok-kelompok professional. Kaayaan samodel kieu mangrupa salah sahiji pangaruh tina ngagesérna kahirupan agraris jadi kahirupan industrialisasi.
Dina sajeroning parobahan fungsi kasenian karinding, tangtu kasenian ieu mibanda fungsi jeung ajén-ajén falsafah anu luhung anu nyantél di jerona. Naha fungsi jeung ajén-inajén dina kasenian karinding ogé milu kapangaruhan ku ayana kamekaran jaman? Hal ieu anu jadi kasang tukang panalungtik pikeun medar ieu kasenian. Salian ti eta ogé ieu panalungtikan diayakeun pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.
Ku kituna, ieu kasenian téh dipilih pikeun objék panalungtikan sarta dibéré judul “Ajén Falsafah Sunda dina Kasenian Karinding pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA kelas XII.”





C.Watesan jeung Rumusan Masalah
1.Watesan Masalah
Dumasar kana kasang tukang sakumaha nu diébréhkeun di luhur, sangkan ieu panalungtikan puguh jujutanana tangtu perlu diwatesanan. Kasenian karinding mangrupa salah sahiji kasenian anu kudu dilestarikeun salaku salah sahiji warisan kabudayaan ti luluhur urang. Ku kituna, ieu panalungtikan baris diwatesanan lain saukur nalungtik ngeunaan asal-usul karinding, tapi ogé mangpaatna pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII pikeun ngawanohkeun, ngadadarkeun jeung ngagambarkeun (ngidéntifikasi) ajén budaya nu aya dina kasenian Karinding Sunda.

2.Rumusan Masalah
Sangkan leuwih tétéla, watesan masalah ngeunaan ieu panalungtikan bakal dirumuskeun
dina kalimah pananya di handap.
1.Kumaha sajarah jeung perkembangan kasenian karinding Sunda?
2.Naon ciri has Karinding Sunda jeung kumaha cara ngagunakeunana?
3.Ajén falsafah naon waé anu nyampak dina Karinding Sunda?
4.Ajén pangaweruh naon nu bisa dicangkem tina Karinding pikeun pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII?

D. Tujuan Panalungtikan
1. Tujuan Umum jeung Tujuan Husus
Ieu panalungtikan téh ngabogaan tujuan umum nya éta numuwuhkeun jeung ngariksa
budaya tur kasenian nu aya di masarakat, sedengkeun tujuan husus ieu panalungtikan nya éta:
1.Kumaha sajarah jeung perkembangan kasenian karinding Sunda?
2.Naon ciri has Karinding Sunda jeung kumaha cara ngagunakeunana?
3.Ajén falsafah naon waé anu nyampak dina Karinding Sunda?
4.Ajén pangaweruh naon nu bisa dicangkem tina Karinding pikeun pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII?
5.Mangpaat Panalungtikan
Unggal panalungtikan dina hakékatna mah ngabogaan mangpaat. Ieu panalung tikan téh ngabogaan mangpaat nu ngawengku;
1. Mangpaat Tioritis
Sacara téoritis, panalungtikan ieu di handap bisa méré sumbangan anali sis keur kamajuan paélmuan budaya Sunda. Ti dieu urang bisa meunang gambaran harti jeung pungsi sacara pungsional stuktural dina Kasenian Karinding.
2.Mangpaat Praktis
Sacara praktis, panalungtikan ieu bisa muka wawasan masarakat, bisa nambahan pangaweruh salaku hiji pintonan anu unik, sangkan masarakat modéren bisa nyindekkeun sanggeus maca atawa ninggali langsung éta kasenian.

6.Wangenan Operasional
Judul ieu panalungtikan téh nya éta “ Ajén Falsafah Sunda dina Kasenian Karinding
pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII” sangkan aya gambaran dina ieu judul, perlu dijentrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, diantarana:
1.Ajén Falsafah Sunda
Ajén nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (1995:7) nya éta pangaji jeung harga. Ajén anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta Ajén anu aya hubunganana jeung kasenian karinding. Poedjawijatna (1974:11) ngadéskripsikeun yén filsafat nya éta salaku élmu pangaweruh anu néangan sateleb-telebna sagala hal dumasar kana pipikiran. Sedengkeun falsafah Sunda nya éta falsafah anu hirup dina kabudayaan Sunda. Ajén Falsafah Sunda dina ieu panalungtikan nya éta Ajén falsafah Sunda anu aya dina kasenian karinding.

2.Kasenian
Kasenian nya éta salah sahiji kaéndahan anu ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal. Kasenian bisa dicindekkeun nya éta adu manis antara gagasan (idea), kagiatan sosial (activities) atawa laku lampah manusa dina kasenian jeung benda-benda kasenian (artefak), salaku hasil jeung ngarojong kana kasenian.
3.Kasenian Karinding
Karinding nya éta hiji waditra tradisional Sunda buhun anu aya ti jaman baheula, anu awalna dipake pikeun ngahuma, tapi dina mangsa kiwari alih fungsi jadi alat musk anu dipake dina kasenian Sunda.
4.Bahan Pangajaran
Bahan pangajaran bisa dihartikeun saperangkat bahan anu dijerona ngabogaan matéri jeung eusi pangajaran pikeun meunangkeun tujuan pangajaran anu dipidangkeun.
5.Maca
Maca nya éta salah sahiji kaparigelan reseptif aktif anu kudu dikawasa ku murid sangkan loba pangaweruh.
6.Artikel
Artikel nya éta hiji karangan faktual sacara lengkep anu dijieun pikeun dipublikasikeun ngaliwatan koran, majalah, buletin, jsb. Sarta miboga tujuan nepikeun ide jeung fakta anu bisa ngayakinkeun, ngadidik, jeung ngahibur.
7.Budaya
Budaya nya éta kabisaaan anu dipigawe ku hiji masarakat sarta diturunkeun ti hiji generasi ka generasi.
8.SMA
SMA mangrupa sakola atawa tingkat atikan formal saeunggeus SMP, ku sabab kitu, pangajaran basa Sunda di SMA kudu leuwih maju boh élmu basana boh élmu tradisina.
7.Anggapan Dasar
1.Anggapan Dasar
Anggapan dasar mangrupa dasar pamikiran anu gunana pikeun dasar panalungtikan salaku cecekelan utama. Cirina nya éta sakabeh bebeneran teori atawa panalungtikan anu dijadikeun dasar panalungtikan. Anu dijadikeun dasar dina ieu panalungtikan nya éta:
1.Kasenian Karinding mangrupa hasil karsa, cipta, rasa, jeung karya ma nusa Sunda nu gelarna geus heubeul, anu kudu dijaga tur diriksa sangkan ulah karebut atawa leungit.
2.Kasenian Karinding miboga ajén falsafah nu luhung .
3.Kasenian Karinding miboga fungsi pikeun sarana sosialisasi Ajén-ajén budaya masarakat anu ngarojongna anu wajib dipikawanoh ku generasi ngora, diantarana nya éta murid-murid SMA khususna kelas XII .

8.Rangkay Tiori
Pradopo, spk. (2002:35) méré gambaran yén raraga teori téh miboga mangpaat pikeun nangtukeun konsép-konsép dina panalungtikan. Pikeun nalungtik ajén falsafah sunda dina kasenian karinding dina nganalsis datana diantarana ngagunakeun metodé deskriftif, sintetis jeung analis, sangkan hasil nu dipiharep bener-bener kahontal.
Numutkeun Achmadi (1995: 20) ngeunaan analisis dina kagiatan filsafat nya éta ngabérédélkeun istilah-istilah atawa pamadegan-pa madegan dina bagian-bagian, nepi ka mariksa ma’na nu aya dijerona. Ana pon harti analisis nya éta minangka kagiatan mariksa sacara konseptual kana ma’na jeung istilah nu digunakeun. Dina pamadegan nu dijieun, ku jalan analisis éta pisan bisa dipiharep kapaluruh ma’na anyar jeung nguji is tilah-istilah ku rupa-rupa conto.

Sintesis mangrupa tarékah pikeun nyieun kacindekan tina kamungki nan-kamungkinan nu aya. Maksudna, ngumpulkeun hiji pangaweruh nu bisa kacangkem. Dina nyusun sistem pamikiran, para filsuf téh didadasaran ku pamikiranana nu dipangaruhan sajumlahing bahan nu ditéangan.
Dina widang filsafat aya sababaraha métode. Métode asal kecapna mito-ho dos hartina menuju, jalan atawa cara. Métode mindeng dihartikeun salaku jalan mikir dina widang paélmuan. Dina widang filsafat métode digolongkeun kana tilu bagian, di antarana;
a.Métode kritis, nya éta nganalisis istilah jeung pamadegan ku jalan nyieun patalékan
anu sarua nepi ka hakekatna dipikanyaho;
b. Métode analisis, nya éta ngalakukeun introspéksi ku jalan mikir simbol-simbol; jeung
c. Métode intuitif, nya éta masing-masing atawa nganalisis dina wangun je roning pikiran nepi kana hakékatna (ditemukan jawabannya), (Ach madi, 1995: 19-21)

I. Métode Panalungtikan jeung Téknik Panalungtikan
1. Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Dumasar kana tujuan anu hayang dihontal, métode anu dipake dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif, sintetis jeung analis, sangakan hasil nu dipiharep bener-bener kahontal.
1. Metode Deskriptif
Metode deskriptif nya éta métode anu bisa ngarengsekeun pasualan anu aktual ku jalan nyusun atawa nyieun papasingan jeung nganalisis sastra tur napsirkeun data-data (metode_penelitian_8.html@yahoo.com).
2. Metodé Analisis
Numutkeun Achmadi (1995: 20) ngeunaan métode analisis dina kagiatan filsafat nya éta ngabérédélkeun istilah-istilah atawa pamadegan-pa madegan dina bagian-bagian, nepi ka mariksa ma’na nu aya dijerona. Ana pon harti analisis nya éta minangka kagiatan mariksa sacara konseptual kana ma’na jeung istilah nu digunakeun. Dina pamadegan nu dijieun, ku jalan analisis éta pisan bisa dipiharep kapaluruh ma’na anyar jeung nguji is tilah-istilah ku rupa-rupa conto.

3. Métode Sintétis
Métode Sintesis mangrupa tarékah pikeun nyieun kacindekan tina kamungki nan-kamungkinan nu aya. Maksudna, ngumpulkeun hiji pangaweruh nu bisa kacangkem. Dina nyusun sistem pamikiran, para filsuf téh didadasaran ku pamikiranana nu dipangaruhan sajumlahing bahan nu ditéangan.

2. Téknik Panalungtikan
Téhnik panalungtikan mangrupa salah sahiji usaha kumaha cara (prosedur) nu kudu dilakonan kalawan ngagunakeun métode anu tangtu, sangkan tujuan sasaran anu dipiharep dina hiji panalungtikan téh bisa kahontal.
2.1. Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dianggap merenah pikeun ieu panalungtikan diantarana nya éta téhnik partisipan observation jeung indepth interview. Numutkeun Adelr, Fontana, jeung Fray, (Endraswara, 2006:203) Téknik ngumpulkeun data ieu masih kénéh sadapur jeung konsep Spradley, yén panalungtik kudu ilubiung langsung dina éta kagiatan sangkan ngagampangkeun dina ngumpulkeun data. Salian ti eta, panalungtikan ieu ogé make teknik talaah pustaka jeung studi dokumentasi pikeun ngumpulkeun data anu rék ditalungtik jeung ngadokumentasikeun kagiatan-kagiatan panalungtikan anu dilakukeun.
1.Observasi/ Partisipan Observation
Téhnik observasi aya nu sipatna partisipan nya éta téhnik observasi nu mana panalungtik kudu ilubiung langsung dina kagiatan anu ditalungtik, jeung anu sipatna non partisipan, nya éta niténan obyek diluareun kanyahona responden kagiatan. Observasi ieu lumangsung dumasar patokan-patokan anu tangtu jeung tempat katut tujuan panalungtikan. Lengkah-lengkahna nya éta nangtukeun tempat panalungtikan nu diayakeun di:
- Desa Cimanggung, Cicalengka. (Abah Olot)
- Desa Ciptagelar, Sukabumi (Yoyo Yogasmana)
- Common Room (Karinding Attack)
- Universitas Pendidikan Indonesia (Karinding Militan Anarki UPI), jrrd.
Anu satuluyna nangtukeun informan. Keur nangtukeun informan, panalungtikan ieu nga gunakeun konsép Spradley jeung Benard (Endraswara, 2006:203) in tina informan téh kudu jalma anu maham kana kagiatan anu keur ditalungtik. Nangtukeun informan ngagunakeun Téknik snowballing, nya éta dumasar informan anu saméméhna nepi ka meunang informan anyar.
2.Wawancara/Interview
Téhnik ngumpulkeun data ku cara wawancara (interview) dilakukeun pikeun ngahasilkeun data anu sifatna emic (sawangan/pamanggih responden). Pikeun nganyahokeun kumaha éta responden téh nyawang kana kaayaan manehna katut pasualan-pasualan anu diajukeun ku panalungtik sorangan nepikeun/ngajukeun data anu sipatna etic (sawangan panalungtik) minangka bubuka sakaligus pikeun mancing sawangan atawa katerangan ti responden anu satuluyna mah tinggal panalungtik anu kudu ngolah, napsirkeun, nganalisis nurutkeun métode, teori, téhnik jeung sawanganana. Dina prak-prakanana wawancara anu dilaksanakeun téh sifatna bebas terpimpin nya éta wawancara kalawan patokan sacara gurat badagna wungkul, nu mangrupa adumanis wawancara “bebas” (unguided interview) jeung wawancara terpimpin (guided interview), (Suharsimi Arikunto, 2002:132).
3.Talaah Pustaka
Talaah pustaka dilakonan pikeun nalungtik atawa ngumpulkeun data-data nu aya dina sumber tinulis, sakaligus dijadikeun bahan babandingan kana data di lapangan, contona néangan data-data ngeunaan kasenian karinding, tina buku sumber boh tina media citak atawa elektronik.
4.Studi Dokumentasi
Studi dokumentasi dilakonan pikeun ngumpulkeun data-data nu aya ngagunakeun instrumen panalungtikan saperti format observasi, format wawancara jeung studi dokumentasi ngagunakeun media saperti tape recorder, handycam, kamera digital, jsb.

2.2 Téknik Analisis Data
Panalungtikan ieu ngagunakeun modél kualitatif nya éta mangrupa déskripsi anu
leuwih jero ngeunaan fenoména anu aya dina karinding. Dina konsép Gertz (Endraswara,
2006:205) anu disebut “modél for” jeung “modél of” hartina konsép nu aya tuluy dilarapkeun kana réalitas kaayaan sosial budaya, hartina réalitas sosial numutkeun Kaplan
jeung Men ers (Endraswara, 2006:205). Nanya ka jalma nu ngalakonan langsung kana éta
kagiatan, sangkan ulah aya tapsir intersubjéktif, anu satuluyna dikoréla sikeun.
Keur medar ngeunaan harti jeung kagunaan sacara stuktural pungsional tina karinding, digunakeun analisis kuantitatif étnografi. Maksudna anu nalungtik ngadéskripsikeun sacara étnografi ngeunaan laku lampah, paripolah, jeung kekecapan
masarakat satempatna.
Laporan data analisis dilakukeun sacara déskripsi, sangkan leuwih jero jeung ku
cara ngatur, ngaruntuykeun, ngawilah-wilah, sarta méré ciri jeung klasifikasi data. Dina
ieu analisis nu leuwih ditémbongkeun nya éta hasil data, lamun saumpamana aya penafsiran, panalungtik teu ngalakukeun pa nalungtikan. Mun aya penafsiran, éta mah
hasil informan anu milu jeung anu paham kana harti ritual. Ku cara samodél kitu, dipiharep bakal kapanggih harti jeung kagunaanana, utamana keur anu ngala konan éta
kagiatan, leupas ti interpénsi. Ku sabab kitu, dipiharep éta kasenian karinding téh miboga harti jeung kagunaan.

3. Instrumen panalungtikan
Nu jadi instrumen dina ieu panalungtikan diantarana mangrupa format observasi, pedoman wawancara, sarta média-média pangrojong pikeun ngadokumentasikeun panalungtikan.
a. Observasi, dina observasi bisaana panalungtik ngagunakeun format observasi anu dibarung ku sababaraha média/instrumen saperti: handycam, tape recorder, kamera, jrrd.
Format Observasi
Téma Observasi :
Lokasi Objek : tgl/jam:
Jenis Objek :



Koding

Data/Hasil Observasi



b.Wawancara. dina wawancara panalungtik sok maké format di handap ieu:
Format Wawancara
Sumber data: Tanggal :
Peneliti : Mulai sd jam :
Peringkas :
Kode masalah
Kode isi
Kode sifat data
Isi ringkasan data





c.Studi dokumentasi, ngumpulkeun data-data anu sifatna dokumen, biasana ngagunakeun instrument kaméra, handycam, tape recorder.

J. Sumber Data
Sumber data anu ditarima ku panyusun nya éta tina buku-buku sumber anu aya pakuat-pakaitna kana judul panalungtikan, tina alamat wébsite pikeun neangan informasi anu sagemblengna, sarta ti para narasumber anu jadi objek utama panalungtikan, diantarana nya éta:
1. Abah Olot (Desa Cimanggung, Cicalengka)
2. Yoyo Yogasmana (Desa Ciptagelar Sukabumi)
3. Karinding Attack (Common Room)
4. Karinding Militan Anarki (UPI Bandung), jrrd

K.Sistematika Nyusun Skripsi
Sabada data panalungtikan diolah, hasilna baris disusun kalawan puguh éntep seureuhna dina wangun skripsi kalawan sistematika di handap ieu:
BAB I BUBUKA
BAB II TATAPAKAN TIORI
BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN
BAB IV AJÉN FALSAFAH SUNDA DINA KASENIAN KARINDING PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA KELAS XII
BAB V PANUTUP (KACINDEKAN JEUNG SARAN)
L.Jadwal Kagiatan Panalungtikan
Dina ieu panalungtikan, sangkan panalungtikanana sistematis tur terencana, panalungtik nyieun jadwal kagiatan panalungtikan saperti dihandap ieu:

Kagiatan/bulan


Sept

Okt

Nov

Des

Jan

Feb
1.Tatahar
-Studi Pustaka
-Observasi awal
-Ngajukeun Judul Proposal
-Nyieun Proposal
-Seminar Proposal
-Perijinan
-Pembuatan Pedoman
Wawancara

































2. Pelaksanaan
-Bimbingan Skripsi
-Pengolahan Data
-Pengumpulan Data















3. Penyusunan
-Analisis data
-Nyusun Skripsi










4.Pengujian
-Pelaporan
-Sidang Skripsi











M. Daftar Pustaka Sementara
Achmadi, Asmoro. 1995. Filsafat Umum. Jakarta: PT.Raja Grafindo Persada.
Arikunto, Suharsimi. 1999. Dasar-Dasar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: PT. Bumi Aksara.
A.R, Syamsuddin, jeung Vismaia S, Damaianti. 2006. Meode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.
Departemen Pendidikan Nasional. 1991. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate Bandung.
Sudaryat, Yayat. 2005. Kamus Élmuning Basa Sunda. Bandung: CV. Karya Iptek.
Usman, Husaini. 2003. Pengantar Statistika. Jakarta: Bumi Aksara.
Kartadinata, S. Prof. Dr. H. M.Pd .2006. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
Tata Abdulah, Drs. M.SI. 2006. Budaya Sunda Kini , Dulu, dan Masa Depan. Bandung: Kencana
Anwar, Zaenal. 2009. Skripsi Ajén Falsafah Simbol-Simbol dina Kasenian Bangklung di Desa Cisero Kacamatan Cisurup Kabubapen Garut. Bandung. Universitas Pendidikan Indonesia.
Anugrah, Taufik. 2008. Skripsi Ajén Falsafah dina Arsitektur Imah Adat Kampung Pulo di Desa Cangkuang Kacamatan Leles Kabupaten Garut. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
Handoko, trias Hamidi. 2009. Skripsi Ajén Falsafah dina Simbol-Simbol Upacara Adat Sedekah Bumi di Kampung Urug Tonggoh Desa Kiarapandak di Kampung Urug Tonggoh Desa Kiarapandak Kacamatan Sukajaya Kabupaten Bogor. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
Septiani, Risna. 2008. Skripsi Ajén Falsafah Nu aya dina Simbol-Simbol proses Hatam Al-Qur’an dina Upacara Kawinan Desa Citanglar Kecamatan Surade Kabupaten Sukabumi. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
Widyastuti, Temmy. 2008. Skripsi Ajén Falsafah Upacara Sawer Panganten pikeun bahan pangajaran Basa Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VII Ngagunakeun Metode Demonstrasi. Bandung. Universitas Pendidikan Indonesia.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar