me...

me...
tysa

Kamis, 28 Oktober 2010

INTERVIEW SARENG ABAHOLOT (KARINDING)

DATA HASIL INTERVIEW SARENG ABAH OLOT (ENDANG SUGRIWA)

1.Kumaha asal-usul karinding Sunda?
“Karinding nya eta salah sahiji alat anu sok dipake ku urang Sunda lamun keur ngahuma. Ngan kadieunakeun sok dipake keur alat music anus ok dipake dina kasenian-kasenian Sunda.”

2.Naon bahan dasar anu dipake pikeun nyieun karinding Sunda?
“Kapungkur bahan dasarna tina kawung serah;kawung bodas, anu ku patani sok digempur/dipaehan margi hama. Tapi mun ngagugu kana bahan dasar bakal punah, jadi kadieunakeun diganti ku awi, sorana oge leuwih gede batan ku kawung serah lamun make awi mah. Sanajan bahanna diganti nu penting mah tong leupas dina piriganana.”

3.Naon fungsi karinding Sunda?
“Kapungkur kanggo ngusir hama atawa keur ngahibur diri mun keur ngahuma sorangan, oge ngusir kajenuh.”

4.Kumaha cara ngagunakeun karinding Sunda?
“Cara ngagunakeunana nya eta ditapelkeun kana biwir sarta ditepak tungtungna nepikeun ka sada luyu jeung patokan tatakolanana.”

5.Jenis tatakolan naon wae anu aya dina kasenian karinding Sunda?
“Aya opat jenis tatakolan, nya eta:
1.Sora alam atawa tongeret, sora nu matak was, munkeur nyaba jadi sok haying balik ka lembur lamun ngadenge sora karinding”.
2.Sora lisung/tutunggulan. Baheula sok disadakeun lamun aya nu hajat di lembur atawa ngeuyeuk seureuh. Tah ketukanana ditapelkeun kana karinding.
3.Iring-iringan/mapag raja,
4.Rereogan/maen dog-dog.
Nu sanes mah sok asal sada, padahal mah aya cirri hasna, ngan kadieunakeun mah sok dimdifikasi.”

6.Nada dasar naon wae anu aya dina karinding Sunda?
“Nada dasarna aya 2, nya eta:
1.Neng nong neng anu disebut tongeret.
2.Kulu-kulu, konci nada (da, mi, na, ti, la,da), pelog-salendro, nada buhun.”

7Ajen Falsafah naon wae anu aya dina karinding Sunda?
“Ma’na husus, control hate sorangan, sadar narimakeun kabeh pagawean, berhasil, sagala hal amun ditekuni pasti berhasil, mun aral mah pasti moal bener, contona mun maen karinding tapi aral mah pasti karindingna teh potong. Kudu yakin, sabar, sadar.”

8.Amanat naon anu rek ditepikeun ku Abah ngaliwatan kasenian karinding?
“Karinding mangrupa seni keur ngahibur batur jeung ngahibur urang sorangan, urang kudu bisa maca alam, nu kapungkur ulah ditinggalkeun, nu ayeuna kudu dikembangkeun, kasenian kudu bias nyejahterakeun oge bias ngahasilkeun devisa keur nagara.” (Dok: Tia Siti Aisyah)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar